Lirik Lagu Karya Dedy Mulyadi



LUNGSE

Peuting tingtrim ku poekna
Beurang merenah ku caangna
Leumpang muru katangtuan
Asih nu jadi harepan

Siram cai semu nyeuri
Bingung lemah pangbalikan
Rongkah jiga nu amarah
Dimana kaasih gusti
Leungeun menggaskeun lamunan


Hooo
Panin poe semu lungse
Bulan rumahuh ka gunung
Bentang leungit terpudagan
Waktu teu nyurup itungan
Usum teu mernah ka mangsa

Sagara mapakeun lemah
Ngajeurit pangeusi nagri
Bingung mulangkeun dirina
Muru waktu teu tinemu
Teuing kamana balikna

  
ZIKRUL MAUT

Naha anjeun gues poho
Yen maot ngadodoho
Hirup katungkul pati
Di langit pandeuri nutup catur diri

Hirup dek dipungkasan
Seja hisab amalan
Dipapag balitungan
Narima ganjaran atawa siksaan

Nalika laju pasaran
Nu nganteur keun ka kuburan
Harta banda teu nulungan
Hamo dipake tanggelan

Napas anu panganggeusan
Geus kaluar tina badan
Batin ceurik balihiran
Taya geusan pamuntangan

Mimbar Untan

GERIMIS

Gerimis meuntaskeun bentang,
Peuting neundeun panineungan,
Bulan muru katangtuan balebat nganteurkeun caang,
Neang wanci pang harepan,
Moal peunggas ku lamunan.

Simpe taraje nahate langit neuteup ngadeukeutan,
Srangenge mendakan poe beurang muru lembur peuting,
Lemah mapag rasa heman, sagara ilang kemelang.

Lembur lengkob pematuhan, seah dangding meuntas langit,
Ngampar jajar kahuripan, cai nyurupkeun kaasih,
Segara paheut ka lemah, sumujud pangeusi nagri.

Kawung cunduk nganteur waktu, marahmay pangeusi nagri,
Durugdug munding malati, muka welas matri asih,
Raga nyurup kawaluya bagea dulur baraya,
bumi manjing kalangitan seah hujan kabagjaan.

Ajeg gunung satangtungan susukan panjang harepan,
Melak tangkai ajeg lemah tung-tung waktu teu tinemu.

Post a Comment

0 Comments